***
Nyawang Langit ***
Basa nyawang langit katinggali
Bentang bentang anu ngampar
Baranang cing kariceup
Caricingna naretep maratuh
Tara patukeur jeung batur
Hiliwir angin peuting
Ngadaling'ding mawa asih
Mawa kasono nu manteng
Lelembutan ngapapang
Kumalayang kakalayangan
Ngambah poekna peting
Nembus lalangse hate
Seja neang impian
Nu geus lawas tilem
Leungit ka dasar lalakom
Ayeuna urang geus pajauh
Anu hamo bisa di guar deui
Kiwari geus dirurub ku
Hujan kalakay,,pileleyan.
Basa nyawang langit katinggali
Bentang bentang anu ngampar
Baranang cing kariceup
Caricingna naretep maratuh
Tara patukeur jeung batur
Hiliwir angin peuting
Ngadaling'ding mawa asih
Mawa kasono nu manteng
Lelembutan ngapapang
Kumalayang kakalayangan
Ngambah poekna peting
Nembus lalangse hate
Seja neang impian
Nu geus lawas tilem
Leungit ka dasar lalakom
Ayeuna urang geus pajauh
Anu hamo bisa di guar deui
Kiwari geus dirurub ku
Hujan kalakay,,pileleyan.
Mega
Bodas *^*
Mega bodas anu nyacas
Ka sebrot layung hurung
Jang jang peuting mimiti
Ngapak ngarungkup beurang
Haleuang sora gaang
Hariring dalingding peuting
Nganterkeun lelembutan
Nganjang kana impian
Anjeun bieu nembongan
Mere imut sajorelat
Sanajan ngan dina impian
Teuwelah hate kabengbat
Susuganan dinten ieu
Salira ngalangkang deui
Nembongan sanajan
Dina jero lamunan
Duh jungjunan sanajan
Anjeun ges aya nu boga
Tapi ka heman tetep
Manteng jang anjeun
Mega bodas anu nyacas
Ka sebrot layung hurung
Jang jang peuting mimiti
Ngapak ngarungkup beurang
Haleuang sora gaang
Hariring dalingding peuting
Nganterkeun lelembutan
Nganjang kana impian
Anjeun bieu nembongan
Mere imut sajorelat
Sanajan ngan dina impian
Teuwelah hate kabengbat
Susuganan dinten ieu
Salira ngalangkang deui
Nembongan sanajan
Dina jero lamunan
Duh jungjunan sanajan
Anjeun ges aya nu boga
Tapi ka heman tetep
Manteng jang anjeun
**Jungjunan**
jungjunan....
Hampura
mun diri anjeun
Ka
gerih ku pucuk harepan
Nu teu
surti kana kanyaah diri
Nu teu
daek ngarti
Kana rasa nu sumarambah
Sumerep kana bayah
Sumeleket kana hate
Ngangkleung palid
Malidkeun jati diri
Kana rasa nu sumarambah
Sumerep kana bayah
Sumeleket kana hate
Ngangkleung palid
Malidkeun jati diri
Jeung
ka nyaah
Gening
teu di kawitan
Jeung
teu di pungkas
Ka
cinta jeung kanyaah
Sirna
teuing kusaha
Teuing
kamana....
*~*Ibun janari*~*
Ibun janari geus garing
Panceran panon poe geus ngajadikeun
Dang daunan garing karoneng
Panon molotot neutep langit
Ngaleupas keun hate nu kingkin
Ayeuna urang bisa seuri
Ninggali dunya nu pinuh ka endahan
Saenggeus sakielila hate nalangsa
Akibat kaasih nu beuki sirna
Ayeuna urang bisa bungah
Hirup babarengan jeung
Jalma jalma nu di picinta
Saengges jiwa ieu tunggara
Jumerit jeung kasiksa
Kuring ngarasa syukur
Seneu ka cinta teu ngaleburken hate
Ayena urang hayang hirup deui
Neangan harti cinta nu sajati-
Ibun janari geus garing
Panceran panon poe geus ngajadikeun
Dang daunan garing karoneng
Panon molotot neutep langit
Ngaleupas keun hate nu kingkin
Ayeuna urang bisa seuri
Ninggali dunya nu pinuh ka endahan
Saenggeus sakielila hate nalangsa
Akibat kaasih nu beuki sirna
Ayeuna urang bisa bungah
Hirup babarengan jeung
Jalma jalma nu di picinta
Saengges jiwa ieu tunggara
Jumerit jeung kasiksa
Kuring ngarasa syukur
Seneu ka cinta teu ngaleburken hate
Ayena urang hayang hirup deui
Neangan harti cinta nu sajati-
*- Rasa jeung kuciwa-*-
Nalika hate geus kasirep
Ku rasa jeung kuciwa
Kanyaah tetep manteng jang anjeun
Kajeun teuing gudawang karasa pisan
Tapi hate tetep mikanyaah jeng mikasono
Jeuro ucapan pinuh kusurti
Saliwat ngamasalahken harepan
Jang nungguan jeung kasono
Nyaeta arti kaheman jero kalbu
Tungkul sumerah jang anjeun
Nalika hate geus kasirep
Ku rasa jeung kuciwa
Kanyaah tetep manteng jang anjeun
Kajeun teuing gudawang karasa pisan
Tapi hate tetep mikanyaah jeng mikasono
Jeuro ucapan pinuh kusurti
Saliwat ngamasalahken harepan
Jang nungguan jeung kasono
Nyaeta arti kaheman jero kalbu
Tungkul sumerah jang anjeun
~~* Salira emut kasaha *~~
Peuting ieu salira aya di mana
Peuting ieu salira emut kasaha
Ayanu geus tilem dina ngambah
Lalakon urang katukang
Anu sirna diteureuy mangsa
Duriat anu ngan sakolepat
Hamo bisa di balikan deui
Peuting ieu kuring teuwalakaya
Nandangan kingkin ati
Nandangan ka sona diri
Anu hehte aya ubarna
Ting korondangna harepan
Mapay mapay lalangse peuting
Ngambah jomantara nembus mega
Peuting ieu susugana anjeun
Emut ka diri abdi
Peuting ieu susugana anjeun datang
Sanajan sakotepat dina impian
Peuting ieu salira aya di mana
Peuting ieu salira emut kasaha
Ayanu geus tilem dina ngambah
Lalakon urang katukang
Anu sirna diteureuy mangsa
Duriat anu ngan sakolepat
Hamo bisa di balikan deui
Peuting ieu kuring teuwalakaya
Nandangan kingkin ati
Nandangan ka sona diri
Anu hehte aya ubarna
Ting korondangna harepan
Mapay mapay lalangse peuting
Ngambah jomantara nembus mega
Peuting ieu susugana anjeun
Emut ka diri abdi
Peuting ieu susugana anjeun datang
Sanajan sakotepat dina impian
*** Miharep ***
Duh jung junan ati
Naha aya anjeun didinya
Naha daek anjeun marengan
Dina waktu hate jeung pikiran
Keur aya dina kasusahan
Duh Jung junan ati
Naha anjeun ngarasa
Kana katunggaraan hate
Anu salilana miharep
Kana kanyaah anjeun
Mereun anjeun ngan ngagugu
Kana kereteg hate anjeun sorangan
Mereun anjeun ngan butuh awak
Tapi anjeun moal ngarasakeun
Dina jero sagala katunggaraan kuring
Kuring jalma taya ka boga
Kuring ngan saukur beubeugig
Anu keur miharep kasatiaan anjeunAnu moal miharep nanaon deui
Ngan saukur daek narima kuring saayana
Duh jung junan ati
Naha aya anjeun didinya
Naha daek anjeun marengan
Dina waktu hate jeung pikiran
Keur aya dina kasusahan
Duh Jung junan ati
Naha anjeun ngarasa
Kana katunggaraan hate
Anu salilana miharep
Kana kanyaah anjeun
Mereun anjeun ngan ngagugu
Kana kereteg hate anjeun sorangan
Mereun anjeun ngan butuh awak
Tapi anjeun moal ngarasakeun
Dina jero sagala katunggaraan kuring
Kuring jalma taya ka boga
Kuring ngan saukur beubeugig
Anu keur miharep kasatiaan anjeunAnu moal miharep nanaon deui
Ngan saukur daek narima kuring saayana
*=*Kukupu hiber teunangan*=*
Kukupu hiber kumalayang
Bari mawa hiji harepaan
Lelembutan mapay lamunan
Kalayang hiberna handap
Nembus ibun nyukcruk alam
Rek ngaluarkeun kahayang
Nu ges diteureuy carita katukang
Susuganan bisa di teang deui
Hiliwir angin ngaliwat bari mawa
Kalangkang beubeureuh
Nu endahna malih rupa
Nu teweleh sumeleket na hate
Kukupu hiberna teunangan
Sa engges manggih beja
Beubeureuh di teureuy taneh
Nangtungge asa lalanjung
Kukupu hiber kumalayang
Bari mawa hiji harepaan
Lelembutan mapay lamunan
Kalayang hiberna handap
Nembus ibun nyukcruk alam
Rek ngaluarkeun kahayang
Nu ges diteureuy carita katukang
Susuganan bisa di teang deui
Hiliwir angin ngaliwat bari mawa
Kalangkang beubeureuh
Nu endahna malih rupa
Nu teweleh sumeleket na hate
Kukupu hiberna teunangan
Sa engges manggih beja
Beubeureuh di teureuy taneh
Nangtungge asa lalanjung
**~* Tarate anu ligar *~**
Tarate anu mangprak ligar di empang
Hujan ngaririncik ninggangan tarate
Tarate cing aroyag cing gugupay
Nambahan kaendahanana tarate
Ari ras kana diri teuweulah di nyenyeri
Nu di pika cinta malah mulang ku codeka
Nu di pikanyaah malah mulang ku katugeunah
Nu asih di pulang sengit,teungteuingen jungjunan
Sanajan nepika paeh ngabale bangke
Rap ku padung dirugrug ku lemah
Tapi ka cinta,kaasih jeung kanyaah
Moal erek laas jeung luntur
Duh kembang tarate sanajan katinggangan
Ku hujan jeung angin anu gareude
Anjeun tetep hegar di empang
Tarate anu mangprak ligar di empang
Hujan ngaririncik ninggangan tarate
Tarate cing aroyag cing gugupay
Nambahan kaendahanana tarate
Ari ras kana diri teuweulah di nyenyeri
Nu di pika cinta malah mulang ku codeka
Nu di pikanyaah malah mulang ku katugeunah
Nu asih di pulang sengit,teungteuingen jungjunan
Sanajan nepika paeh ngabale bangke
Rap ku padung dirugrug ku lemah
Tapi ka cinta,kaasih jeung kanyaah
Moal erek laas jeung luntur
Duh kembang tarate sanajan katinggangan
Ku hujan jeung angin anu gareude
Anjeun tetep hegar di empang
*~*Hiji Harepan*~*
Kuring leumpang dina jalan satapak
Anu renjul nanyjak jeung mudun
Rek ngajugjug hiji lawang pangharepan
Anu pinuh ku kaendahan jeung kabagjaan
Mega hideung pating surungkuy
Di papaes ku hujan ngaririncik
Bang baluh dina hate hese lepasna
Teuteupan surem kahareup
Bari jeung cai mata anu ngembeng
Lamunan anu ngalayang kakalayangan
Lir jajamakan anu lepas kapakan
Ngumbul jauh luhur ka awang awang
Sanajan anjeun terus nyodekaan cinta
Sanajan anjeun terus nga nyeunyeuri
Duriat moal erek pegat
Ka nyaah moal erek lepas
Kaasih moal erek luntur
Demi hiji harepan hirupRukun pinuh ku kabagjaan
Kuring leumpang dina jalan satapak
Anu renjul nanyjak jeung mudun
Rek ngajugjug hiji lawang pangharepan
Anu pinuh ku kaendahan jeung kabagjaan
Mega hideung pating surungkuy
Di papaes ku hujan ngaririncik
Bang baluh dina hate hese lepasna
Teuteupan surem kahareup
Bari jeung cai mata anu ngembeng
Lamunan anu ngalayang kakalayangan
Lir jajamakan anu lepas kapakan
Ngumbul jauh luhur ka awang awang
Sanajan anjeun terus nyodekaan cinta
Sanajan anjeun terus nga nyeunyeuri
Duriat moal erek pegat
Ka nyaah moal erek lepas
Kaasih moal erek luntur
Demi hiji harepan hirupRukun pinuh ku kabagjaan
*** Hate Tenang ***
Duh hate anu tenang
Ngahiji eujeung alam
Ka endahan alam anu agung
Teuweleh nyaangan sapopoe
Nenangken jiwa jeung rasa
Hate ieu ngan milik anjeun
Pang ngajakkeun manehna
Ngarah kuring teu kajong'jonan
Ka jong jonan tina kakuatan cinta
Anu teuweuleh mere gogoda
Anu cucukna osok mere tatu
Antepkeun bari ngarasaan katenangan
Ayeuna geus di kubur carita hieum
Rek ngukir ka endahan mapag poe
Bareng jeung caangna srangenge
Bari jeung segerna hawa isuk isuk
Kuring hayang salilana hate tenang
**
Hujan Gogoda **
Ka cinta tetep nyaliara
Ka deudeuh tetep pageuh
Ka asih semeleket dina hate
Ka nyaah semarambah dina bayah
Sanajan hujan ku gogoda
Sanajan caah ku tunggara
Sanajan rembes ku cai mta
Moal erek ngarasula
Asal anjeun tetep satia
Panceug dina kasatiaan
Jauh tina sulaya
Kuring tetep erek mika cinta
Ka cinta tetep nyaliara
Ka deudeuh tetep pageuh
Ka asih semeleket dina hate
Ka nyaah semarambah dina bayah
Sanajan hujan ku gogoda
Sanajan caah ku tunggara
Sanajan rembes ku cai mta
Moal erek ngarasula
Asal anjeun tetep satia
Panceug dina kasatiaan
Jauh tina sulaya
Kuring tetep erek mika cinta
Teuteup jeung imut
Lebah pertelon pasosore aya teuteup
jeung imut
Teuteup nu matak nembus jajantung
Imut nu ngelet matak nyeredet kana
hate
Di lebah dinya rasa sono patepung
deui
Lebah pertelon silih teuteup ku ka
deudeuh
Lebah pertelon silih baledog imut ka
asih
Lebah pertelon silih patarema
kaanyaah
Lebah pertelon silih mantengkeun katresna
Lebah pertelon teuteup jeung imut
anjeung matri dina ati
Teuteup jeung imut nu eta moal bisa
ditepungan deui
Geus kalimpudan ku waktu
Teuteup jeung imut nu eta geus
ngancik dina ati
Anu moal bisa leungit deui
Dina waktu ieu
Dina waktu ieu kuring nulis sair
Bari rek ngabayangkeun anjeun
Kahayang hibeur luhur jauh ka jomantara
Ninggalkeun dunya jeung kalangkang anjeun
Anu salilana teuweleh kumalangkang
Dina hate jeung dina kahirupan
Waktu ieu kuring hayang tenang
Rek ngabayangkeun diri anjeun
Nembus waktu jeung tempat
Nyambuang ka awang awang
Galura rasa ngaleungitkeun
Mangjuta juta kaendahan
Kuring embung buru buru
Kalengitan kalangkang anjeun...
Dina waktu ieu kuring nulis sair
Bari rek ngabayangkeun anjeun
Kahayang hibeur luhur jauh ka jomantara
Ninggalkeun dunya jeung kalangkang anjeun
Anu salilana teuweleh kumalangkang
Dina hate jeung dina kahirupan
Waktu ieu kuring hayang tenang
Rek ngabayangkeun diri anjeun
Nembus waktu jeung tempat
Nyambuang ka awang awang
Galura rasa ngaleungitkeun
Mangjuta juta kaendahan
Kuring embung buru buru
Kalengitan kalangkang anjeun...
~~~Bulan~~~
Sanajan
bulan tumunggal
Caangnamah
bati nu hegar
Bangun
nu teu ngemu tunggara
Sanajan
bulan nyorangan
Teu
risi ngambah sagara peuting
Nganti
bentang nu baris mareungan
Nganteur
nyorang simpena peuting
Nepi ka
balebat nyampeur
Nyinglarkeun
ka hieum ati
Nu keur lara
tunggara
Harepan
Angin sore anu ngahiliwir
Ngusapan ngupahan
Jeung mere harepan
Pucuk pucuk angsana
Aroyag pating gugupay
Kateubak ku angin katreusna
Duh layung koneng
Pang nepikeun ieu rasa
Ka deudeuh ka treusna
Ka bebene pamepes hate
Harepan tinggal lamunanLamuna anu hamo jadi kanyataan....
Angin sore anu ngahiliwir
Ngusapan ngupahan
Jeung mere harepan
Pucuk pucuk angsana
Aroyag pating gugupay
Kateubak ku angin katreusna
Duh layung koneng
Pang nepikeun ieu rasa
Ka deudeuh ka treusna
Ka bebene pamepes hate
Harepan tinggal lamunanLamuna anu hamo jadi kanyataan....
~* Kakuatan Kuring *~
Sanajan anjeun mere kanyeri
Anjeun nurih bohak jeung tatu
Kuring masih bisa panceug
Sanajan anjeun mere bangbaluh
Bangbaluh nu nindihan sanubari
Kuring masih bisa kuat
Sanajan anjeun nusukeun balati
Nepika caimata teu kabendung
Ngucur maseuhan pipi
Kuring moal erek unggut kalinduan
Sanajan hujan cocoba narajang
Sanajan ngeundeukeun kaadigungan
Kuring kudu lumpat
Ninggalkeun ka tunggaraan
Sanajan anjeun motongkeun
Jang'jang jeung suku
Kuring erek hibeur jauh ka awang awang
Nepika beak sakabeh
katunggaraan~Ibun Harepan ~
Kamari rundayan katineung
Rek di pelakkeun
Bongan mawa eurih
Nungageuri kana ati
Ngabudalkeun kingkin
Jeung rambisakna rasa
Tadi ...
Kunaon salira ngarindihan deui
Mawa ibun sanajan sakeclak
Nu nyirungan deui katineung
Nu ngahaja rek di singlar
Duh gamparan nu, guligahna rasa
Kamari rundayan katineung
Rek di pelakkeun
Bongan mawa eurih
Nungageuri kana ati
Ngabudalkeun kingkin
Jeung rambisakna rasa
Tadi ...
Kunaon salira ngarindihan deui
Mawa ibun sanajan sakeclak
Nu nyirungan deui katineung
Nu ngahaja rek di singlar
Duh gamparan nu, guligahna rasa
Hamo bisa di sideum de
Peureumkeun Panon
peuremkeun panon anjeu
Antepkeun leuleumbutan kumalayang
Nyukcruk dunya dina
tungtung hareupan
Ngalengkah di dunya
lamunan
Rabeung carita di jaman
baheula
ka peuyeum jauh di
jeuro kalbu
Kaluarkeun kahayang anu
geus lawas
Tong di pimeulang
carita nugeus leungit
Dina dampal anu hamo
bisa nyeukeulan
Nyukcruk dunya anu
leungit
Dipisono ngan hamo ka
panggih
Ngalunturkeun impian
nugeus di teureu ibun
Di tungguan anu hamo
datang
Jumeurit dina jeuro
sare nu dipapaes
ku teungeunah cicing
Jeung di mahkotaan
kucai mata kaseudih
Jadi sandiwara di jeuro
ngimpi
Kajeun teuing nu maena
urang sorangan
Di teureuy ku alam
impian anu tiiseun..
Heri mukti
Januari.2012
Januari.2012
Huhujanan ti peuting
Kuring
leumpang bari huhujanan
Dina
jero poekna peuting
Neang
bayangan anjeun
Tapi
bayangan ajeun teu kapanggih
Dimana
anjeun jungjunan ayeuna
Anjeun
sirna di balik mega
Nyireup
awang awang
Hibeur
luhur kakalayangan
Diantosan
anjeun didieu
Sanajan
hujan maseuhan diri
Kusabab
anjeun geus janji pasini
Rek
datang neupungan kuring
Kusabab
anjeun di pihareup pisan
Neupikeun
ka teubisa di popohokeun
Geura
datang jungjunan di teumpat ieu
kuring
reksatia ngantosan
Neupika
peuting ganti ku beurang ..
~Bebene pamepes hate~
Jeuntreng
kacapi hate
Haleuangkeun geuteur kalbu
Iigeulan dina rohangan jiwa
Dina waktu anjeun ngeusian poe
Waktu kuring nyorangan di teumpat sepi
Anjeun pangupah lara
Kuhayang anjeun kapimilik
Jol anjeun datang dina lahunan
Kalangkang anjeun terus iigeulan
Ngeusian rohangan hate
Mere kateunangan
Anjeun bebene pamepes hate
Anjeun beulahan jiwaAnjeun ka cinta diri
Anjeun kabanggaan kalbu
Prak geura jadi taman dina ati
Hayu urang leumpang babareungan
Dina jalan kahirupan
Duh bebene pamepes hate..
Haleuangkeun geuteur kalbu
Iigeulan dina rohangan jiwa
Dina waktu anjeun ngeusian poe
Waktu kuring nyorangan di teumpat sepi
Anjeun pangupah lara
Kuhayang anjeun kapimilik
Jol anjeun datang dina lahunan
Kalangkang anjeun terus iigeulan
Ngeusian rohangan hate
Mere kateunangan
Anjeun bebene pamepes hate
Anjeun beulahan jiwaAnjeun ka cinta diri
Anjeun kabanggaan kalbu
Prak geura jadi taman dina ati
Hayu urang leumpang babareungan
Dina jalan kahirupan
Duh bebene pamepes hate..
Kenging Copy Paste Ti Sababaraha Sumber